SYA'IR SUNDA PEPELING AKHIR ZAMAN
SYA'IR SUNDA PEPELING AKHIR ZAMAN
Alam kiwari geus loba bukti
Peresis cara pi dawuh Nabi
Baheula mah meh teu ngarti
Ka jawab di masa kini
Tanda kiamat geus narembongan
Tanda tandana akurat pisan
Cilaka mun seg kamalinaan
Ka gerus ku zaman internetan
Hubungan nudi luar nikah
Ngalahirkeun anak jadah
Era moderen geus kaprah
Sing eling dulur! Naûdzu billah
Omat hape jadi jambatan
Nulung kana kamaksiatan
Nyinglar tina kahadean
Gunakeun kamashlahatan
الحرف يبقى بعد الموت شاهدا فاكتب بكفك ما تراه جميلا
"Sahuruf anu di tulis bakal nga jadi bukti sa anggeus maot, ku hal sakitu, pek tarulis ku dampal leungeun anjeun sesuatu nu ku anjeun dibilang gining."
Loba jalma nu palinter
Mapagahan teu galider
Nyekel deleg agamana anger
Teu campur heureuy jeung badeur
Loba jalma nu panatik
Nuduh riya hate sirik
Teu cicing cari politik
Asa bener kapimilik
Allah Taãla tos ngemutan
Umat islam kudu sa uyunan
Jalan hade saling washiyatan
Hirup penuh kasabaran
Yakin manusia loba karugian
Hanteu panceg ka imanan
Malas migawe kahadean
Jauh tina bebeneran
Mugi Allah Taala ngaraksa
Iman islam urang sadaya
Tina saniskara gogoda
Nyoplokeun iman jero dada
Ieu tulisan tanbehan
Lain cuman ka heureuyan
Tanda asih jeung ka heman
Kajeun datana nganyukan
قال رسول الله ﷺ المؤمــــن اخو المؤمن لايدع نصيحته علی ڪل حال (رواه ابن ماجه)
Sabda Rasulullah ﷺ, "Ari jalma mu'min dulurna jalma mu'min sejena, nu mana ulah rek saling antepkeun mere nasehat dina saban tingkah" (H.R. Ibnu Majah)
قال رسول الله ﷺ مروا بالمـعروف وان لم تـفعلوا وانهـوا عن المنڪـر وان لم تجتنبوا ڪـله (رواه الطبرانے)
Sabda Rasulullah ﷺ,"Pek parentah ka hadean ku anjeun sanajan anjeun can mampuh migawena, jeung pek caram ka gorengan ku anjeun sanajan can mampuh nyingkahan sagemlengna." (H.R. at Thabrani)
Allahumma sholli wasallim wa barik ālaih

Komentar